Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

SOAL PTS UTS BAHASA SUNDA KELAS 6 SD SEMESTER 1 LENGKAP KUNCI JAWABAN

Soal PTS UTS Bahasa Sunda kelas 6 SD Semester 1 Lengkap Kunci Jawaban 
- BankSoal PTS UTS Bahasa Sunda kelas 6 SD Semester 1 Lengkap Kunci Jawaban yang bisa sobat pelajari dan sebagai contoh latihan soal kisi-kisi ujian ulangan Soal PTS UTS Bahasa Sunda kelas 6 SD Semester 1 Lengkap Kunci Jawaban tahun pelajaran 2022 

Soal PTS UTS Bahasa Sunda kelas 6 SD Semester 1 Lengkap Kunci Jawaban

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas/ Semester : 6 (Enam )/ 1 (Satu)
Hari/ Tanggal  : ..................................
Waktu   : 60 menit

I . Cakraan (X) aksara A, B, C atawa D dihareupeun jawaban anu bener !

1. Beja nu katarima tina koran, radio atawa televisi disebutna . . . .

A. informasi 
B. warta 
C. amanat 
D. piwuruk

2. Istilah sejen pikeun peta nyaeta . . . .

A. koran 
B. jangkar 
C. piwuruk 
D. kar

3. Sakit lamun disundakeun kanggo anu saluhureun nyaeta . . . .

A. udur 
B. gering 
C. teu walakaya 
D. teu damang

4. Nyarita di hareupeun balarea atawa umum, disebutna . . . .

A. ngadongeng 
B. pangumuman 
C. bewara 
D. biantara

5. Alusna mah teks biantara teh ku urang kudu . . . .

A. ditalar 
B. dibaca 
C. diapalkeun 
D. diinget-inget

6. Si Ibro mah beurat birit, beurat birit hartina . . . .

A. hese dititah 
B. babari dititah 
C. eraan 
D. sieunan

7. Dupi Gani teh (terap) panyawat naon ?

A. di 
B. ka 
C. ti 
D. na

8. Papatah tinu jadi kolot teh urang kudu . . . .

A. diregepkeun 
B. ngaregepkeun 
C. ragepan 
D. karegepkeun

9. Nu kaasup kecap rajekan dwipurwa, contona . . . .

A. sumpang – simpang 
B. cas – ces – cos 
C. sesepak
D. guna – guna

10. Aya jalan komo meuntas, hartina . . . .

A. mupuas kanu keur cilaka
B. aya kahayang, tambah aya nu ngajak
C. tenang taya kasieun.
D. jauh – jauh teu beubeunangan

11. Gaganti kolot urang di sakola teh . . . .

A. ketua murid 
B. guru 
C. penjaga sakola 
D. babaturan sakola

12. Kuring teh . . . amanat ku Ema keur ka Santi.

A. katitipan 
B. katitipkeun 
C. titipan 
D. titipkeun

13. Awakna leuleus teu aya tanaga ibarat . . . kaibunan.

A. bantal 
B. kasur 
C. kapas 
D. keretas

14. Conto kalimah nu eusina nasehat . . . .

A. “Cing Ujang pangmeulikeun cengek ka warung” !
B. “Budak eta amah musuhna meuni loba”
C. “Angga mah budak akur jeung batur”
D. “Urang hirup di dunya teh kudu akur jeung batur”

15. Cing atuh jeung dulur teh sing akur ulah kawas . . . .

A. monyet jeung kuya 
B. peucang jeung buhaya 
C. ucing jeung anjing
D. sendok jeung garpu

II. Eusian titik – titik di handap ieu ku jawaban nu merenah !

16. Dina ngaran patukangan, tukang moro sasatoan disebut . . . .

17. Nu kaasup babagean dina biantara nyaeta . . . .

18. Para siswa kudu baris heula samemeh asup ka sakola, para siswa = . . . .

19. Awakna jangkung badag siga . . . pangsisina.

20. Sinonimna gede hulu nyaeta . . . .

21. Lamun nampanan kudu ku leungeun katuhu ulah ku . . . sabab teu sopan.

22. Abus sakola teh jam 07.15 jadi datangna kudu isuk keneh.

Kalimah diluhur lamun disalin kana basa lemes jadi . . . .

23. Anak anjing kirik, ari anak buhaya nyaeta . . . .

24. Dipapatahan teh kalah renyah – renyoh kawas . . . .

25. Salah sahiji wangun ibing sunda nu asalna ti Jawa Barat nyaeta . . . .


Kunci Jawaban Pilihan Ganda Basa Sunda Kelas 6 :

1. B
2. D
3. D
4. D
5. C
6. A
7. B
8. A
9. D
10. B
11. B
12. A
13. C
14. D
15. C

Kunci jawaban Isian

16. Paninggaran
17. Bubuka, sambutan, eusi, panutup, doa
18. Siswa-siswa
19. Golek
20. Sombong
21. Leungeun kenca
22. Lebet sakola the tabuh 07.15, janten dongkapna kedah enjing-enjing
23. Bocokok
24. Monyet
25. Jaipongan, ketuk tilu