Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

Soal UTS PTS Basa Sunda Kelas 5 SD Semester 2

Soal UTS PTS Basa Sunda Kelas 5 SD Semester 2 
- Bank 
Soal UTS PTS Basa Sunda Kelas 5 SD Semester 2 jeung contoh latihan soal kisi-kisi ujian ulangan Soal UTS PTS Basa Sunda Kelas 5 SD Semester 2 taun palajaran 2021 Soal UTS PTS Basa Sunda Kelas 5 SD Semester 2

Berikut Soal UTS PTS Basa Sunda Kelas 5 SD Semester 2
Mata Pelajaran : Basa Sunda
Kelas/ Semester : 5 (Lima )/ 2 (Dua)
Hari/ Tanggal  : ..................................
Waktu   : 90 menit

I . Cakraan (X) aksara A, B, C atawa D dihareupeun jawaban anubener !

1. Dina babagean surat nu ditulis pangluhurna nyaeta . . . .
 A. judulna surat C.eusi surat
 B. titimangsa D. bubuka surat

2. Kecap rundayan make pika + eun contona . . .
A. picontoeun C. pikalucueun
B. pikeseleun D. pikantoreun

3. Abdi kamari teu kasakola da . . . tos tilu dinten.
A. udur C. teu walakaya
 B. gering D. teu damang

4. Dongeng fabel nyaeta dongeng nu nyaritakeun kahirupan . . . .
A. manusa C. tatangkalan
B. bungbuahan D. sasatoan

5. Parafraseu sajak nyaeta ngarobah wangun sajak kana wangun . .
A. prosa/carita C. lagu
 B. puisi D. dongeng

6. Ucing maling paisan lauk. Ieu kalimah teh jejerna . . . .
A. ucing C. paisan
B. maling D. lauk

7. Alat musik dina seni sunda biasana disebut . . . .
A. kendang  C. waditra
B. goong  D. saron

8. Galur carita biasana disebut oge . . . .
 A. plot C. karakter
 B. watek D. padalisan

9. Sonona, wassalam atawa baktos abdi dina bagean surat kaasupkana . . . .
 A. salam pamuka C. bubuka
 B. salam panutup D. tawisan

10. Ema keur nyeuseuh mukena.
Kalimah diluhur mun dirobah kana kalimah pasip jadi . . . .
A. Seuseuh heula mukena teh, Ma !
B. Ema teh keur nyeuseuh mukena ?
C. Mukena keur diseuseuh ku Ema.
D. Keur nyeuseuh mukena, Ema teh ?

12. Karangan anu eusina midangkeun hiji perkara anu ngagunakeun katerangan sacara detail disebut . . . .A. argumentasi C. narasi
B. deskripsi D. eksposisi

13. . . . mawa buku ge cumah, ari teu dibaca mah.
A. Lamun C. Atawa
B. Sanajan D. Basa

14. Maut nyere kacongonakeun hartina . . . .
A. Sangsara kakolotnakeun
B. Sangsara tileleutik
C. Sangsara tibubudak
D. Sangsara saumur-umur

15. Paribasa peujit koreseun hartina . . . .
A. babari neunggeul C. babari ambek
B. babari ceurik D. babari lapar

II. Eusian titik – titik di handap ieu ku jawaban nu merenah !

16. Ulah bala teuing buruan teh ! Sapukeun ngarah . .Beresih . .
17. Uyah mah tara tees ka . . . .Kaluhur
18. Dina ngaran patukangan nu sok ngajaga pabeasan dinu kariaan/hajat disebut . . . Candoli
19. Enggal tuang heula bilih kabujeng tiis, da abdi mah nembe tos . Neda. . .
20. Cik pangnyandakeun buku basa sunda diluhur meja !
 Kalimah diluhur kaasup kalimah Panitah
21. Neng Tuti mah keur geulis teh amis budi, hartina amis budi nyaeta . . . Hade Paroman .
22. Bapa presiden ngaresmikeun pabrik gula.
 Kalimah diluhur lamun dirobah kana kalimah pasip . . . Pabrik gula diresmikeun ku Bapa Presiden
23. Harti paribasa ceuli lentaheun nyaeta . . . .jalma anu sok gancang nyaritakeun deui ka batur naon bae beja anu kadenge, padahal tacan karuhan bener henteuna eta beja teh 
24. Dongeng nu nyaritakeun kahirupan sasatoan disebut . . . .Fabel
25. Kecap rajekan dwipurwa contona . . . .motor jadi momotoran, mobil jadi momobilan
26. Ngaran kaulinan barudak diantarana . . . .Oray-orayan, Maen Poces Kaleci, Susumputan, Egrang
27. Alat musik dina seni sunda disebut . . .waditra .
 28. Si Adun mah ambekna sakulit bawang , hartina . . . .Gampang pisan ambek 
 29. Puisi disusun dina basa . . . .Indonesia
 30. Kecap menta make rarangken pang + keun jadi . . . .Pangkecapkeun

III. Prak jawab luyu jeung parentahna ! 
1. Tulis tilu conto kecap rajekan trilingga ! tang-ting-tung, brat-bret-brot, dat-dit-dut
2. Naon hartina paribasa “kudu tungkul ka jukut tanggah ka sadapan” ? junun nyanghareupan pagawean anu dipilampah, teu kaganggu ku naon naon
3. Jelaskeun naon bedana prosa jeung puisi ! 
Kekecapan anu aya dina puisi kabatesan ku jumlah engang dina unggal padalisan jeung jumlah padalisan dina unggal pada puisi, sanajan henteu kabeh puisi miboga batesan anu pasti.
Dina prosa oge henteu dibatesan ku jumlah engang atawa jumlah padalisan atawa pada saperti anu aya dina puisi
4. Tulis sacara urut bagean – bagean dina surat !
Kop surat, anu esuina bisa mangrupa logo, ngaran lembaga jeung alamat lengkap
No surat, perihal jeung katerangan lampiran.
Tanggal surat  
Ngaran jalma jeung alamat nu narima surat
Salam bubuka surat
Bubuka surat
Eusi surat
Panutup surat
Salam panutup surat
Identitas atawa ngaran anu nulis atawa anu ngirim surat
Tembusan (lamun aya)
5. Tuliskeun palanggeran (guru lagu jeung guru wilangan) dina pupuhmijil !
Aturan nulis pikeun guru lagu jeung guru wilangan pupuh mijil nyaéta 10-i, 6-o, 10-é, 10-i, 6-i, 6-u. Pupuh mangrupikeun aturan atanapi standar anu biasa dianggo dina sababaraha puisi Sunda, sapertos guguritan sareng wawacan. Aturan anu aya dina pupuh disebut guru lagu jeung guru wilangan. Guru lagu nyaéta sora (vokal) tina suku kata panungtung dina unggal padalisan. Samentawis éta, guru wilangan mangrupikeun jumlah engang dina unggal padalisan.